Pages

Saturday 18 December 2010

Kala Sunda ( Kalender Sunda)


Panalungtikan
Kala Sunda salila mangabad-abad kakubur ku jaman. Panalungtikan deui ngeunaan Kala Sunda ieu kakara diayakeun deui ku Abah Ali kalayan rojongan ti Yayasan Candra Sangkala, nu sabenerna mah Abah Ali teh seja nyieun kalénder ieu ti taun 1983 mula, tapi ku lantaran loba halangan jeung harungan, kakara bisa medal tanggal 18 Januari 2005 di pendopo bumi dines Walikota Bandung, Jalan Dalem Kaum, make upacara adat Sunda anu tartib. Poe ieu marengan tanggal 1 Suklapaksa (parocaang) bulan Kartika taun 1941 Caka Sunda.
Taun dina Kala Sunda
Dina nangtukeun taun, aya dua wangun taun nyaeta Kala Saka anu dumasar kana Surya atawa panonpoe, jeung Kala Caka anu dumasar kana Candra (bulan). Masing-masing taun wanoh kana taun pondok (Surya 365 poe, Candra 354 poe) jeung taun panjang (Surya 366 poe, Candra 355 poe). Kala Surya Saka Sunda (Taun Surya) aturannana, tilu taun pondok, kaopatna panjang. Tapi unggal taun nu beak dibagi 128, bakal dijadikeun taun pondok. Dina taun Hijriah mah taun pondok teh sok disebut Taun Kabisat. Ahir taun Surya nyaeta nalika panonpoe aya di titik pangkidulna.
Kala Candra Caka Sunda (Tahun Candra) aturannana yen dina sawindu (8 taun), taun ka-2, ka-5, jeung ka-8 nyaeta taun panjang, sesana taun pondok. Unggal taun ka-120 dijadikeun taun pondok. Unggal taun nu beak dibagi 2.400 dijadikeun taun panjang
Bulan dina Kala Sunda
Saka Sunda
Bulan-bulan dina Saka Sunda nyaeta:



Caka Sunda
Cirina Caka Sunda nyaeta make Suklapaksa (paro caang bulan) jeung Kresnapaksa (paro poek bulan). Taun Caka Sunda wanoh kana 12 bulan, nyaeta:
Poé dina Kala Sunda
Poé-poé dina Kala Sunda kabagi jadi dua nyaeta:
Gabungannana disebut panca wuku = 7x5 =35 poe
Saptawarna
Pancawarna
Kala Sunda jeung Taun Maséhi
Taun 52 Saka, Aki Tirem kacaturkeun masrahkeun karajaan ka putrana , Nyi Putri Rarasati nu ditikah ku Dewa Warman ti India. Karajaanna nu disebut Salaka Nagara. Taun harita pamianganana ngitung kala teh, ti mangsa Aki Tirem masrahkeun karajaan ka putrana, ditetepkeun jadi taun Hiji Sunda. Samemehna, Aki Tirem teh ngasta kaprabon Sunda anu nurutkeun taksiran Abah Ali mah di wilayah Pandeglang ayeuna. Hartina, carita Salaka Nagara jaman Aki Tirem, ninggang dina abad kadua ( 122 Masehi).

Kala Sunda jeung Kala Jawa Islam
Kala Jawa Islam biasa disingget Kala Jawa, Tarikh Jawa, Alamanak Jawa, Taun Jawa atawa Tahun Saka. Babandingannana jeung Kala Sunda diantarana nyaeta:
  • Nalika di wewengkon Jawa aya sababaraha kalender, di antarana Saka India, Saka Sunda, Caka Sunda, Kalender Masehi jeung Kalender Hijriah, Sultan Agung di Mataram niat pikeun ngahijikeun sakabeh pananggalan eta. Sanggeus ngumpulkeun para empu, ahli nujum, pujangga, ulama, jsb, mangka dihijikeun we antara Kala Candra Caka Sunda, Kala Surya Saka Sunda, jeung Kala Hijriah teh. Kalender Jawa nyokot angka taun tina Kala Surya Saka, nyaeta 1555, ngaran bulan, poe jeung tanggal tina kala Hijriah, sedengkeun tata cara ngitung tina Kala Candra Caka Sunda. Ngaran sejen siga wara, wuku, windu tetap dipake. Sedengkeun ngaran taun dina sawindu diganti ngaran tina nu kawas basa Arab jadi Alip, He, Jim awal, Je, Dal, Be, Wau, jeung Jim ahir, nu tadina mah ngaran sato.
  • Pancawarna Sunda: Manis, Pahing, Pon, Wage, Kaliwon, sedengkeun Jawa: Wage , Kaliwon, Manis, Pahing, Pon.
  • Panetepan tanggal peresmian Kala Jawa babarengan jeung peresmian Karaton Mataram poe Jumaah Manis/Legi (Jawa), tanggal 1 Muharam taun Alip 1555, Windu Kuntara, Wuku Kulawu, Wukukumasa Prangbakat, masawuku Kasanga. Tanggal ieu marengan tanggal 1 Muharam 1043 Hijriah, 8 Juli 1633 Masehi. Lamun dibandingkeun yen ayana kalender Jawa taun 1555 C, bedana jeung pananggalan dina Batu Tulis Sri Jaya Bupati di Bogor nu angkana taun 952 C wungkul wae, kira-kira bisa disimpulkeun yen Kala Sunda teh kurang leuwih 606 taun leuwih tiheula batan Kalender Jawa.

No comments:

Post a Comment